Dugi ka denget ieu, buku-buku sareng média pangdeudeul pangajaran Basa Sunda téh karaos kirang kénéh. Atuh teu matak heran upami kakuping sora-sora humandeuar ti paraguru Basa Sunda di sakola, majar ngaraos abot ngajarkeun Basa Sunda, jalaran heureut pakeun kirang bahan. Leupas ti pasualan éta, ogé nu janten alesan simkuring ngadamel ieu blog nyaéta, mindengna kakuping humandeuar yén dugikeun ka denget ayeuna seueur pisan nonoman anu teu ngartos kana basa indung (Basa Sunda) sareng teu terang kana budaya sorangan nyaéta Budaya Sunda, margi sebatnatéh parantos katinggaleun jaman atanapi teu gaul (saur basa jaman kiwari mah). Tangtos baé, ieu téh hiji rérégéd anu kedah tiasa diungkulan enggoning ngaronjatkeun ajén pangajaran Basa Sunda boh di sakola atanapi dina paguneman sapopoé.

Dumasar kana hal éta pisan, simkuring nyobian nyusun ieu blog Tatar Pasundan, manawi tiasa dianggo sumber pangrojong pangajaran Basa Sunda anu sakintenna tiasa mangpaat kanggo umum hususna kanggo urang Sunda anu masih kénéh ngaraos kirang mikawanoh kana basa sareng budayana. Bahan-bahan nu aya dina ieu blog ngahaja kénging milih ti sababaraha sumber supados luyu sareng materi nu aya dina GBPP Basa Sunda.

Atuh kanggo umum nu hoyong mikawanoh basa sareng budaya Sunda, ieu blog tiasa dianggo cepengan, minangka panganteur enggoning neuleuman Budaya Sunda nu langkung jembar.

Sanaos teu patos lengkep, nu nyusun satékah polah ngusahakeun supados materi dina ieu blog tiasa ngebrehkeun kabeungharan basa sareng budaya Sunda. Kumaha beungharna kecap-kecap basa Sunda upamina, baris ka gambar dina bab Rupa-rupa Omongan, Rupa-rupa Diuk, Rupa-rupa Leumpang, atanapi dina bab Obahna Anggota Badan. Sawatawis matéri ngahaja diwuwuhan ku gambar sareng tembang-tembang Sunda anu dihususkeun disimpen dina bagbagan Tembang Parahyangan. Maksadna, supados langkung jéntré. Bilih aya diantawis baléréa seueur anu hoyong mikawanoh barang-barang sareng kasenian warisan budaya Sunda, tiasa terang kalawan jéntré kana barangna sarta tiasa langsung ngunjal atanapi ngadangukeun tembang-tembang sunda anu parantos disayogikeun.

Dina mahabuna kamajuan élmu pangaweruh kiwari, umumna nu diudag téh pasualan atanapi pangaweruh nu anyar. Ku kituna, sabéngbatan mah ieu blog téh sapertos nu teu aya pupurieunana da sasat hiji pabetekan nu eusina paparabotan heubeul. Moal boa seueur di antawisna anu tos teu dipikawanoh deui ku baléréa. Tah, bilih teras lapur kateureuy waktos, urang pulungan deui anu tos nyarahcal maruragan-laleungitan téh. Éta ceunah tos teu luyu sareng paneka jaman, keun baé, da ieumah niatna oge kapan ngampihan. Bilih baé jaga anak-incu katambias, lali ka purwadaksi.

Tangtos baé ieu blog teh seueur kénéh kakiranganana. Ku kituna, panyawad sareng pamair ti baléréa kalintang diantos-antosna boh dina koropak pamair unggal matéri anu tos disayogikeun atanapi dina koropak husus Panyawad Sareng Pamair. Jalaran kitu bilih aya diantawis baléréa anu hoyong ngiringan ngarojong nambihan lengkep matéri nu aya dina ieu blog atanapi hoyong janten panulis dina ieu blog, mangga kantun ngintunkeun émail ka putera.pasundan@gmail.com disarengan ku data lengkep sareng pamaksadan baléréa.

Pamungkas, nu nyusun ngahaturkeun nuhun ka sadaya sumber pangrojong anu parantos masihan ilham ka simkuring salaku admin ieu blog dugikeun ka didamelna ieu blog. Sanaos kitu,  simkuring salaku panyusun sarta panulis ieu blog, neda dihapunten bilih-bilih aya kelepatan dina nyusun sareng panulisan eusi matéri nu aya dina ieu blog.

Teu hilap ogé, simkuring neda dihapunteun saageung-ageungna ka sadaya sumber pangrojong anu tangtosna teu tiasa dibéjérbéaskeun hiji-hijina kalayan seueur teuing bilih teu ngagaduhan ijin kanggo ngabéwarakeun sadaya matéri anu dipigaduh. Jalaran di damelkeun sareng dibéwarakeunana matéri-matéri nu aya dina ieu blog teu aya maksad bade ngalanggar HAK CIPTA anu DITANGTAYUNGAN KU UNDANG-UNDANG lian mung hoyong ngabantos ka para wargi anu masih kénéh kirang kana pangaweruh Basa sareng Budaya Sunda sarta saalitna hoyong ngiringan ngarojong ngalestarikeun Basa sareng Budaya Sunda dina paguneman sapopoé.

Nyanggakeun.

Copyright © Tatar Pasundan
 
Top